Analisis Wawacan Mahabarata


2.1 Deskripsi Data Wawacan
Judul                           : Mahabarata
Pangarang                   : Wijasa
Kandel                                    : 354 kaca
Ditarjamahkeun ku      : R.Memed Sastrahadiprawira, R.Satjadibrata, M.A.Salmun

2.2 Deskripsi Umum
Wawacan Mahabarata diwangun ku 10 jilid, nyaeta :
1.      Luluhur Pandawa
2.      Pandawa Jajaka
3.      Pandawa Papa
4.      Pandawa Ngadeg Raja
5.      Pandawa Diperdaya
6.      Pandawa Kasangsara
7.      Pandawa Nagih Jangji
8.      Mepek Balad
9.      Barata Yuda I
10.  Barata Yuda II
11.  Pandawa Seda
Ti jilid 1 nepi ka 7, dicaritakeun dina wangun tembang ku R.Memed Sastrahadiprawira. Ti jilid 8 nepi ka 11 ku R.Satjadibrata.

2.3 Sinopsis Wawacan Mahabarata
Dangdanggula bubukaning dangding
nutur tjatur ngareka tjarita
njutat tina kitab kahot
pusaka urang Hindu
nu geus mashur di long langit
kitab Mahabharata
ari nu dimaksud
sangkan para mitra Sunda
kersa nulad sugri kaluhungan budi
malar tambah djembarna
Prabu Pandu Dewanata téh hiji raja ti karajaan Astina. Anjeuna boga putra lima sadulur anu baris katelah Pandawa Lima, anu dilahirkeun ti dua istrina nya eta Déwi Kunti jeung Déwi Madrim. Éta Pandawa Lima ti nu panggedéna nepi ka pangleutikna téh nya éta; Yudistira, Bima, Arjuna, Nakula jeung Sadéwa. Yudistira boga ngaran kanyaah atawa ngaran leutikna nya éta Puntadewa, Bima ngaran leutikna nya éta Séna, Arjuna ngaran leutikna téh Permadi, dilahirkeun ti ibu Déwi Kunti. Sedeng Nakula nu boga ngaran leutik Punten,  jeung Sadéwa nu boga ngaran leutikna Tangsen dilahirkeun ti ibu Déwi Madrim.
Hanjakal Pandu Déwanata tilar keur ngora kénéh, sarta barudakna masih laleutik. Alatan barudakna tacan bisa nyarekel kadali pamaréntahan pikeun ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara karajaan Astinapura, korsi pamaréntahan pikeun saheulaan dipasrahkeun ka Déstarata salaku lanceuk Pandu Déwanata. Jaga lamun palaputra Pandawa Lima geus sawawa, mangka Astinapura baris dipasrahkeun ka aranjeuna salaku pawaris hak tahta anu sah.
Déstarata téh pisikna teu sampurna, dua panonna teu ningali alias lolong. Salian ti éta, pamadeganana kurang kuat, gampang robah, gampang dihasut tur gampang diolo ku barudakna anu jumlahna saratus, katelah palaputra Kurawa. Ampir sakum palaputra Kurawa miboga watek goréng kayaning, hasud, sirik-pidik, sarakah, tukang bohong, tukang fitnah, jeung lian-lianna.
Rencana pamasrahan tahta Astinapura ka palaputra Pandawa putra Pandu kahalang ku Déwi Gandari salaku pamajikan Déstarata jeung salaku indung palaputra Kurawa. Déwi Gandari satekah polah lumaku kumaha carana sangkan tahta Astinapura téh jaga teu ragrag ka palaputra Pandawa salaku pawaris sah, tapi ragrag ka pihak Kurawa salaku palaputra manéhna. Ambisi Déwi Gandari dirojong ku adina nu ngaranna Harya Suman nu katelahna Patih Sangkuni, hiji patih di karajaan Astinapura. Patih Sangkuni boga pikiran yén sangkan tahta Astinapura bisa dicekel ku pihak Kurawa, mangka Pandawa Lima kudu disingkirkeun ti Karajan Astinapura.
Ti baheulana, Pandawa Lima sok leuwih punjul ti batan Kurawa. Boh tina kaparigelan maénkeun pakarang, kapunjulan kapribadian, tur élmu pangaweruh boh kabatinan atawa kanagaraan. Hal ieu ngalatarankeun mumusuhan di antara maranéhna leuwih ngebebela. Puntadéwa atawa Yudistira unggul dina widang sastra jeung kanagaraan, Bima punjul dina widang maénkeun gada, Arjuna punjul dina widang manah jeung élmu perang, sedeng Nakula-Sadéwa sanajan can sawawa punjul dina prilaku jeung kapribadian.
Bima nu dedeg pangadegna jangkung badag tur bedas tanagana, mindeng kelibet masalah jeung pihak Kurawa. Duryudhana jeung adina Dursasana ti pihak Kurawa pernah digampleng ku Bima alatan maranéhna nyieun gara-gara ka pihak Pandawa. Sok sanajan digulung dirempug dikoroyok ku duaan, tapi dina éta tarung téh angger Bima nu unggul. Ti harita Bima sok jadi sasaran kaceuceub-kageuleuh pihak Kurawa.
Hiji waktu, Bima nu pohara rampus daharna dibéré racun ku Kurawa dina kadaharannana. Sanggeus Bima kapiuhan, awakna tuluy dipiceun ka sumur Jalatunda anu eusina pinuh ku mangpirang oray nu matih peurahna. Ngan ku pitulungna Batara Dadungnala, Bima salamet tina bahaya pati. Malah, ti saprak harita Bima jadi kebal ku mangpirang baruang (racun) nu sakumaha matihna gé.
Sadar usahana nyingkahkeun Bima téh gagal, pihak Kurawa nyieun deui tarekah nyingkahkeun pihak Pandawa ku jalan ngaduruk balé Sigala-gala tempat sararé Pandawa sarta Ibu Déwi Kunti. Ngan éta tarekah gé gagal deui alatan Pandawa ditulungan ku Batara Naradha, Sang Hyang Antaboga, jeung Yama Widura.
Sangkan pacogrégan antara Kurawa jeung Pandawa teu terus lumangsung, para kokolot nu diluluguan ku Resi Bisma jeung Yama Widura méré tarekah ka Déstrarata sangkan Pandawa Lima dibéré leuweung geledegan nu katelah Wanamarta (Wana = Leuweung, Amarta = Ngaran éta leuweung). Éta bongbolongan téh disapukan atawa disatujuan ku Déstrarata, nya antukna Wanamarta dipasrahkeun ka Pandawa.
Alatan palaputra Pandawa mah punjul pisan dina sagala widang –kaasup widang Tata Nagara-, tur dibantuan ogé ku sawatara Déwa jeung sobat-sobat Pandawa, dina waktu nu singget maranéhna bisa ngarobah Wanamarta nu asalna leuweung geledegan jadi hiji nagara atawa karajaan kalawan dibéré ngaran karajaan Amarta, tur boga puseur dayeuh atawa ibukota nu dibéré ngaran Indraprasta. Beuki lila Amarta beuki maju. Karajaanna beuki gedé jeung kuat, sabab loba karajaan-karajaan leutik nu garabung ka Amarta.
Hal ieu ngabalukarkeun rasa ceuceub Kurawa ka Pandawa beuki mahabu. Antukna, pacogrégan dua pihak nu beuki gedé jaga di carita satuluyna bakal bubuara jadi perang rongkah antara Pandawa Lima jeung Kurawa, katelah Perang Bharatayuda di padang Kurusétra.

2.4 Ringkesan Wawacan Mahabarata
1.      Luluhur Pandawa

Nyaritakeun, karuhun Pandawa. Timimiti Prabu Santanu anu maréntah nagara Astina nepi ka Prabu Déstarata. Dina carita ieu, nyaritakeun kumaha Prabu Santanu miboga prameswari Satyawati. Prabu Santanu geus boga anak nu ngarana Bisma ti prameswari nu kahaiji.
Ti Satyawati, Prabu Santanu boga dua anak ngarana Citranggada jeung Citraséna. Saenggeus meunang umur Citranggada diangkat jadi raja. Teu lila Citranggada ogé mulih kajati, nu ngaganti raina Citraséna atawa Wicitrawirya. Wicitrawirya boga dua Prameswari ngarana Ambika jeung Ambalika (Ambahini), tapi teu boga anak. Sang Raja ahirna mulih kajati tanpa boga turunan. Ku usaha Bisma (supaya raja boga turunan), dua janda Wicitranggada dikawinkeun ka Maharesi Abiasa, nu masih anakna Satyawati ti carogé kahijina Bagawan Parasara. Ti Abiasa dua prameswari téh ngalahirkeun dua putra, tapi duanana cacad. Destarata nu teu bisa nempo jeung Pandu Dewanata nu kulitna bulé. Anu engké jadi raja Astinapura nya éta Pandu Dewanata adina.

2.      Pandawa Jajaka

Bagian ieu nyaritakeun Pandu kawin ka Kunti ti Nagri Madura jeung ka Madri ti Nagri Madraka. Ti Kunti boga anak Yudistira, Bima jeung Arjuna. Ti Madri boga anak Nakula jeung Sadewa. Anak Pandu katelah putra Pandawa. Destarata kawin ka Gandari ti Nagri Gandara boga anak nu katelah Kurawa nu jumlahna saratus. Anak Destarata nu kasebut mah aya Suyudana.
Kisah saterusna nyaritakeun cara ngasuh jeung ngadidik pararumaja Pandawa jeung Kurawa dina asuhan Bisma jeung Sang Guru Dorna.

3.      Pandawa Papa

Dimimitian ku Destarata nyerahkeun kalungguhan salaku raja ka Yudistira putra cikal Pandawa. Kurawa teu rela Yudistira jadi raja. Maranéhna néang akal kumaha carana supaya nagara Astina jadi milik Kurawa. Maranéhna ngarasa boga hak sabab Destarata sanajan lolong ogé anak cikal raja Astina.
Pertentangan antara Pandawa jeung Kurawa kalah ka teterusan. Suyudana anak cikal Destarata dipapanas baé ku Patih Sakuni, manéhna hayang maéhan kabéh Pandawa. Bagian ieu ahirna ku Pandawa jadi minantu raja Pancala, Prabu Drupada nu kawin ka anakna nya éta Drupadi.

4.      Pandawa Ngadeg Raja

Dimimitian ku sumebarna kabar yén Pandawa lolos ti bahaya kabakaran jeung masih hirup. Ku mufakat kabéh putra-putra Astina, Pandawa ahirna dibéré sabagian nagri Astina beulah kidul. Nu jadi raja Astina nya éta Suyudana. Indraprahasta kapilih pikeun ngayakeun upacara “rajasuya” nya éta hiji upacara nu nandakeun ngan karajaan nu panggedéna nu meunang ngayakeun upacara ieu.

5.      Pandawa Diperdaya

Kurawa ngarasa tambah dengdem ka Pandawa sabalikna ti Indraprahasta. Suyudana malah hayang nganggeuskeun ku jalan perang, tapi Patih Sakuni jeung para Kurawa nu séjéna mere jalan nu leuwih halus, nya éta ngondang Pandawa minangka tanda hatur nuhun sabab Astinapura geus diondang jeung dijamu ku sagala kaméwahan. Éta nu katempo lahirna mah. Tapi, maksud utamana mah Semiaji rék diajak ngadu.

6.      Pandawa Kasangsara

Pandawa kapaksa ninggalkeun nagara jeung ngumbara ka leuweung saperti para resi. Dina pangumbaraan ieu kagambarkeun susah-seneng para Pandawa. Arjuna berhasil meunangkeun sanjata ampuh ti Batara Indra.
Kisah ieu ditutup ku episode Karna takluk ka sang Pandita ( Batara Indra), baju kéré nu teu kebal sanjata ditukeur ku tumbak keur perang Baratayuda. Ku dibukana baju kéré Karna bakal tiwas dina perang.

7.      Pandawa Nagih Jangji

Arjuna (panengah Pandawa) keur tatapa nepi ka berhasil jeung balik deui ka Pandawa. Maranéhna mufakat arék balik deui cicing di leuweung Kaniaka supaya babari panggih jeung Kresna. Didieu Pandawa mufakat rék nagih jangji ka para Kurawa.


8.      Mepek Balad

Pandawa ngutus Kresna ka Astina pikeun nagih jangji ka Suyudana, tapi Suyudana teu milaré, manéhna kalah ingkar kana jangjina. Teu bisa dicegah deui perang Baratayuda bakal kalakonana.
Ti dua pihak kabéh pada ngumpulkeun balad. Nataharkeun sasadiaan keur perang. Dunana sarua kuatna pada boga prajurit nu gagah tur kuat.

9.       Baratayuda I

Bagian ieu ngalanjutkeun persiapan perang Baratayuda. Dusun-dusun jeung negri leutik mimiti tiiseun sabab kaom lalakina mangkat ka medan perang. Dina bagian ieu dikisahkeun kumaha Arjuna nu mimitina nolak pikeun ngilu perang sabab pihak lawan téh dulur saturunan.
Bisma arif ogé yén perang Baratayuda antara Pandawa jeung Kurawa sabenerna perang ngabela kahadéan di atas kabatilan atawa kajujuran ngalawan kasarakahan.

10.  Baratayuda II

Mimiti perang tanding antara Bima jeung Srikandi, Prajurit Kurawa mundur. Saenggeus Bima tiwas maka maju Resi Dorna. Dina perang tanding antara Dorna jeung Arjuna, maka Dorna ahirna tiwas.
Ahirna sabab teu aya deui perwira-perwira nu tanggoh, ti pihak Kurawa Suyudana sorangan éléh ku Bima. Kurawa takluk saenggeus 18 poé perang. Dua beulah pihak bébéakan.
11.  Pandawa Seda

Nyaritakeun kumaha kaayaan nagara sanggeus perang. Pihak Pandawa ngutus utusan ka Astina ka Sang Prabu Destarata ngajelaskeun perang anggeus jeung nu punjul téh pihak Pandawa. Tapi Pandawa tacan bisa ngadep sabab arék ngalakukeun “nyucikeun diri” di Bangawan Gangga.
Ahir kisah nyaritakeun kabéh Pandawa berkat Yudistira nu pang sampurna ngalaksanakeun hirup di dunya ku pinuh kasabaran, kaadilan, jeung kanyaah. Maka Pandawa nu lainna ditempatkeun di surga. Kurawa ngan mimitina baé dibéré kasempetan ngasaan saeutik kani’matan surga nu ahirna mah jadi pangeusi naraka.

2.4  Analisis Wawacan Tina Unsur Intrinsik
Unsur Intrinsik
Deskripsi
Tema
Karajaan
Tokoh jeung Watak
Jilid 1 : Luluhur Pandawa
1.      Prabu Santanu (Raja Nagara Astina)
2.      Satyawati (Prameswari Prabu Santanu)
3.      Bisma (Anak Prameswari Prabu Santanu anu kahiji)
4.      Citranggada (Anak Satyawati sareng Prabu Santanu, Raja gaganti Prabu Santanu)
5.      Citrasena/Wicitrawirya (Anak Satyawati sareng Prabu Santanu/Raja gaganti Citranggada)
6.      Ambika jeung Ambalika/Ambalini (Prameswari Citrasena)
7.      Maharesi Abiasa (Anak Satyawati sareng Bagawan Parasara, caroge kahijina)
8.      Prabu Déstarata (Incu Prabu Santanu, putra Maharesi Abiasa, Raja Nagara Astina )
9.      Pandu Dewanata (Anak Maharesi Abiasa)
Jilid 2 : Pandawa Jajaka
1.      Pandu Dewanata (Raja Nagara Astina, adina Destarata)
2.      Dewi Kunti (Prameswari Pandu Dewanata anu kahiji)
3.      Dewi Madrim (Prameswari Pandu Dewanata anu kadua)
4.      Yudhistira (Putra Pandu Dewanata sareng Dewi Kunti)
Watekna : unggul dina widang sastra jeung kanagaraan, wijaksana, jujur. Ngabogaan moral anu luhur pisan, Sipat lianna anu menonjol nyaeta adil, sabar, jujur, taat ka pituduh ageman, percanten diri, sarta wantun berspekulasi.
5.      Bima (Putra Pandu Dewanata sareng Dewi Kunti)
Watekna : punjul dina widang maénkeun gada, dedeg pangadegna jangkung badag tur bedas tanagana. Gagah rongkah, teguh, kiat, tabah, tumut sarta jujur. Manehna oge ngabogaan sipat dugal sarta pikasieuneun kanggo satru, sanaos saleresna hatena lembut, satia dina hiji daweung, satia.
6.      Arjuna (Putra Pandu Dewanata sareng Dewi Kunti)
Watekna : punjul dina widang manah jeung élmu perang, cerdik, pinter, antieum, lemah lembut budina, taliti, sopan, wantun, sarta resep nangtayungan anu lemah.
7.      Nakula (Putra Pandu Dewanata sareng Dewi Madrim)
Watekna : punjul dina prilaku jeung kapribadian, jujur, satia, taat dina sepuh sarta terang ngabales budi sarta tiasa ngajagi rusiah.
8.      Sadewa (Putra Pandu Dewanata sareng Dewi Madrim)
Watekna : punjul dina prilaku jeung kapribadian,  jujur, satia, taat dina sepuh sarta terang ngabales budi sarta tiasa ngajagi rusiah.
9.      Prabu Déstarata (Lanceuk Pandu Dewanata, Raja Nagara Astina gaganti adina)
Watekna : pamadeganana kurang kuat, gampang robah, gampang dihasut, gampang diolo.
10.  Dewi Guntari (Prameswari Prabu Detarata)
Watekna : licik
11.  Palaputra Kurawa (jumlahna saratus, anu katelahna Suyudana, palaputra Destarata)
Watekna : hasud, sirik-pidik, sarakah, tukang bohong, tukang pitnah, jeung lian-liana.
Jilid 3 : Pandawa Papa
1.      Patih Sakuni/Harya Suman (adina Dewi Guntari)
Watekna : Licik
2.      Drupadi
3.      Prabu Drupada
4.      Batara Dadungnala
Watekna : Bageur
Jilid 6 : Pandawa Kasangsara
1.      Bataraindra (nu mere sanjata ka Arjuna)
2.      Batara Naradha
3.      Sang Hyang Antaboga
4.      Yama Widura

Jilid 7 : Pandawa Nagih Jangji
1.      Kresna (utusan Pandawa)
Jilid 10 : Batarayudha II
1.      Srikandi (musuh Bima)
2.      Resi Dorna
Latar
Tempat
1.      Nagara Astina
2.      Leuweung Kaniaka
3.      Bangawan Gangga
4.      Sumur Jalatunda
5.      Wanamarta (Leuweung Marta)
6.      Indraprasta
7.      Padang Kurusetra
Waktu
Jaman baheula
Suasana
1.      Tegang
“Hiji waktu, Bima nu pohara rampus daharna dibéré racun ku Kurawa dina kadaharannana. Sanggeus Bima kapiuhan, awakna tuluy dipiceun ka sumur Jalatunda anu eusina pinuh ku mangpirang oray nu matih peurahna...” (Paragrap ka-7, kalimat ka-1)
“Hal ieu ngabalukarkeun rasa ceuceub Kurawa ka Pandawa beuki mahabu. Antukna, pacogrégan dua pihak nu beuki gedé jaga di carita satuluyna bakal bubuara jadi perang rongkah antara Pandawa Lima jeung Kurawa, katelah Perang Bharatayuda di padang Kurusétra.”
(Paragraf ka-11)

2.      Bungah
“Ngan ku pitulungna Batara Dadungnala, Bima salamet tina bahaya pati. Malah, ti saprak harita Bima jadi kebal ku mangpirang baruang (racun) nu sakumaha matihna gé.” (Paragraf ka-7, kalimat ka-2).
Alur
Alur maju
Amanat
-          Kudu silih tulungan jeung papada jelma, teu nempo tina saha éta jalma.
-          Kudu silihasah, silihasuh, silihasih jeung nu jadi dulur.
-          Kudu ngahormat kanu jadi kolot jeung nurut kana naséhat kolot, nyaah kanu sahandapeun.
-          Mun jadi pamingpin kudu adil, sangkan rahayat jeung nagara ma’mur kerta raharja loh jinawi.
-          Kudu tuhu kana jangji, teu meunang ingkar kana jangji sabab jangji téh hutang.
-          Jalma mah teu meunang ngumbar napsu atawa amarah sabab balukarna urang sorangan nu bakal rugi sorangan.
-          Kudu jujur, sabab mun jujur tangtu urang bakal loba nu mercaya.
-          Teu meunang takabur atawa sombong.
-          Sing daék usaha lamun hayang nu jadi tujuan téh kahontal.
-          Kudu sabar nalika meunang cocoba, sabab sabar bakal mawa urang kana kasampurnaan hirup.
-           Kalangenan nu teu mangpaat bakal ngarugikeun urang sorangan, leuwih hadé lamun kalangenan téh mawa mangpaat.
-          Perang ngabalukarkeun sagalana rugi, boh harta jeung nyawa. Perang nimbulkeun kasangsaraan keur rahayat.
-          Salaku warga nagara nu hadé urang kudu ngilu bela nagara lamun nagara aya dina kaayaan perang.









Sumber Rujukan
(id)Novianti, eva. Skripsi: Analisis Struktur jeung Ajén Budaya Wawacan Nabi Yusuf. UPI Bandung 2004.
Moriyama, M. 2005. Semangat Baru: Kolonialisme, Budaya Cetak, dan Kesastraan Sunda Abad ke-19
(id)Hj.Ajip Rosidi. Ensiklopedi Sunda : Alam, Manusia dan Budaya termasuk Budaya Cirebonan dan Betawi. PT Dunia Pustaka Jaya. Jakarta 2000.



Komentar

Postingan populer dari blog ini

Carita Pantun Basa Sunda

Teks Eksposisi Bahasa Indonesia | Pentingnya Mudik

Teks Anekdot | Fenomena Sosial | Mudik