Conto Teks Mandu Acara Tepang Sono Akbar - Basa Sunda

Pangersa bapa pupuhu sakola anu ku sim kuring dipihormat, pangersa Bapa miwah ibu guru anu ku sim kuring dipihormat, pangersa bapa miwah Ibu rawuh teteh oge kakang Alumni SMA Negeri 24 Bandung anu ku sim kuring dipihormat.

Langkung ti payun sumangga urang sanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti nu maha suci rehna Alhamdulillah ku Rahmat sareng Inayah manten-Na, dina danget ieu urang sadaya dipaparin kasehatan  sareng ni’mat islam dugi ka urang sadaya tiasa tiasa kempel ngariung, patepung lawung paamprok jonghok di ieu patempatan dina ieu acara anu ku urang sadaya diantos-antos, nyaeta acara tepang sono Akbar SMA Negeri 24 Bandung.

Solawat miwah salam mugia salamina ngocor ka jungjunan urang Nabi Agung Muhammad SAW, ka kulawargina, ka para sahabatna, ka para tabi’in-tabi’ina dugi ka urang salaku umatna mugi di yaumil ahir kenging sapa’at ti manten-Na.

Hadirin sadaya hormateun sim kuring! Nepangkeun wasta sim kuring . . . Alumni angkatan . . . Sim kuring ngadeg cumarios di payuneun hadirin sadaya wireh kapancenan salaku panata acara dina ieu acara, nyaeta acara tepang sono Akbar SMA Negeri 24 Bandung ti kawit sakola ieu ngadeg dugi ka wanci ayeuna. Sim kuring neda widi tina kaweningan galih neda jembar setra manah seja nyanggakeun wilujeng sumping ka hadirin sadaya anu parantos kersa ngaluuhan ieu acara, sewu nuhun laksaketi kabingahan. Sumangga lalinggih dina tempat anu parantos disayogikeun. Mugia sing genah betah.

Anapon runtuyan acara tepang sono Akbar, nyaeta : Bubuka, gaoskeun ayat suci Al-Qur’an, Biantara pangbagea ti Bapa pupuhu sakola, kedal pamappag ti pupuhu panata calagara tepang sono Akbar, Biantara pangbagea ti wawakil alumni sakaligus bewara forum alumni, do’a, nu terahir panutup.
Hadirin bapa miwah ibu rawuh teteh oge kakang Alumni anu ku sim kuring dipihormat! Supados teu nyangkolong kana waktos, sumangga ieu acara urang buka ku maos basmallah sasarengan, bismillahirrahmanirrahim..

Mugia ku ngalangkungan aosan basmallah ieu kagiatan kenging barokah sareng rido Allah SWT. Salajengna, sim kuring ngahaturanan ka saderek ..... kanggo maoskeun ayat suci Al-Qur’an. Sumangga dihaturanan!

Hatur nuhun ka saderek ...... anu parantos ngaoskeun ayat suci Alqur’an.Tos lami acara tepang sono ieu di antos-antos, urang sadaya paturay tineung saparantos sakola tilu taun lamina nungtut elmu di SMAN 24. Emut ka sakola, emut ka rerencangan saparakanca, emut ka bapa sinareng Ibu guru. Tangtos moal hilap.

Acara Salajengna nyaeta biantara pangbagea ti bapa pupuhu sakola. Sumangga kersana Bapa dihaturanan

Hatur nuhun ka Bapa anu parantos ngadugikeun biantara pangbageana. Pamugi rupi-rupi piwejang sareng pepeling anu nembe didugikeun ku anjeuna, sing janten ranggeuyan mutiara, pibekeleun urang sadaya enggoning ngawangun kahirupan anu dipikahoyong.

Salajengna sumangga urang ngabandungan deui biantara pangbagea anu bade didugikeun ku pupuhu panata calaraga tepang sono akbar. Sumangga saderek dihaturanan.

Hatur sewu nuhun ka pupuhu panata calaraga tepang sono akbar anu parantos ngadugikeu biantara kalayan singget mung teges maksadna.
Acara salajengna nyaeta biantara pangbagea ti wawakil Alumni. Sumangga kersana …, dihaturanan.
Hatur sewu nuhun ka anu parantos ngadugikeun sababaraha kecap anu janten wawakil eusi tina manah alumni.

Hadirin sadaya hormateun sim kuring, cunduk waktosna kana acara anu diantos-antos ku sadayana nyaeta sawala antawis alumni pikeun kenging hiji kamufakatan, Sumangga pupuhu forum Alumni, Bapa . . .dihaturanan!

Alhamdulillahirabbil A’lamin panitia forum Alumni parantos diwangun, ku kituna tiasa langkung gampil upami ngayakeun deui acara reuni.
Hatur nuhun ka bapa … anu paratos mingpin sawala, alhamdulillah urang sadaya parantos kenging hiji kamufakatan.

Bapa miwah ibu, kalih hadirin alumni sadaya anu sami rawuh!
Alhamdulillah acara demi acara parantos lekasan. Minangka acara pamungkas nyaeta ramah tamah. Nanging sateuacana urang pungkas heula ieu acara urang pungkas ku aosan hamdalah. Alhamdulillahirabbil ‘alamin.

Ti simkuring, rupina sakitu anu kapihatur. Sim kuring ngahaturkaeun nuhun ka rerengrengan panitia anu parantos ngabantosan tina sagala rupi hal pikeun ngalancarkeun acara ieu. Hapunten bilih aya basa anu lkirang merenah. Bobo sapanon carang sapakan, luhur saur bahe carek, mugia kersa ngahapunten. Billahi taufik wal hidayah wassalamu’alaikum wr.wb.


Komentar

Posting Komentar

Postingan populer dari blog ini

Carita Pantun Basa Sunda

Teks Anekdot | Fenomena Sosial | Mudik

Teks Eksposisi Bahasa Indonesia | Pentingnya Mudik